Angin Priangan

Seungit angin priangan

Ngusapan embun-embunan

Duh … embun-embunan

Hawar-hawar… reureundahan ngahariring

Ayun ambing ayun ambing



Seungit angin kahyangan

Sumerep na lelembutan

Duh … na lelembutan

Hawar-hawar reureundahan ngahariring

Eling eling mangka eling


Deungkleung dengdek

Deungkleung dengdek sisi lamping

Anu dewek … enya… anu kuring

Tanah wasiat tanah duriat

Anu matak tibelat

Nya rarasaan


Deungkleung dengdek
Deungkleung dengdek sisi lamping

Anu dewek … enya… anu kuring

Tanah katresna jati sarakan

Anu tetep marengan

Nya lelembutan


Anu Nyiptakeun Tembang: Mang Koko

Penyanyi anu Mopulerkeun : Euis Komariah & Yus Wiradiredja

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TABLO

Sempur

Karinding dalam Bahasa Inggris dan Indonesia