TABLO

TABLO
Kuring nyuuh na tutunggul
Kaiuhan ku samoja
Kembangna marangkak bodas
Nu geus ligar maruragan
Nu geus ligar maruragan
Marengan keclak cimata
Maseuhan taneuh kuburan

Deudeuh teuing duh jungjunan
Sanajan ngan kari tulang, panutan
Kulit daging ilang musna
Wujud dibungkus ku bumi
Tapi anjeun tetep langgeng
Nyanding dina haté kuring, dunungan
Haté kuring sedih peurih

Ari ras anjeun geus euweuh
Kamana néangannana
Nu nyaah ngan kari ngaran
Kitu salah kieu lain
Lir ngudag ngudag kalangkang
Lagu: NN; Rumpaka : Hj. Siti Armilah

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Karinding dalam Bahasa Inggris dan Indonesia

Sempur