Sempur

Sempur

lengkah alon angin rintik,
ati tingtrim mipit asih 
harewos bojong nyarengan lengkah
duh abdi mah alim papisah 
basa angin ngusap rambut
kembang bungur ngiring imut
harewos deudeuh galindeng asih
duh abdi mah alim patebih
duh di sempur nyempur layung
katineung deudeuh diayun gandrung
duh disempur layung keur mayung
urang anteng manteng kangen


-------...-------



villa parahyangan
mun batur duh gegerkalong 
pengkolan jalan maranti
rek tepang sakeudap deui
jeung nu geulis dewi asri

-------...-------

pesen kang ibing
nung mihape akang mihape
mun engke pareng lastari
datang mangsa raga paturay jeung nyawa
pang golerkeun ieu diri geulis
dina lahunan sumedang nu endah

-------...-------




duh junjunan jimat akang
maduning pajuaran kembang soca 
buah kalbu nu geulis mustika ati
kudu kumahaa...geulis
akang teh ceuk paribasana
sanajan dug pulupat nyawa 
katindihan taneuh beureum 
moal weleh mikacinta
sapanjang  can ka untun tipung
katambang beas laksana kanu geulis ieuh 
kudu kumahaaaa......


sadayana di candak ti : http://www.youtube.com/watch?v=JSIyKPf9JIU&NR=1 kang ibing siaran di radio mara bandung. Bagja boga seniman siga kang ibing, nu ngomat-ngomat ka budak ngora urang sunda sing dijaga kabudayaan sunda teh, budaya sunda tong nepi ka leungit.
hatur nuhun kang ibing, mugia tenang sareng ditempatkeun nu merenah disisi gusti nu maha suci.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TABLO

Karinding dalam Bahasa Inggris dan Indonesia