Ngobrol sareng kang uloh

Dina hiji mangsa kuring keur baluweng tur bingung dina milangkala nyanghareupan mangsa ka hareupna. Jol we inget ka dulur nu aya di tanjung siang, Kang Uloh kuring nyebutna nyebut "kang" da lanceuk tur lalaki asli, di tambahan Uloh da ngaran aslina Uloh, jadi teu salah pan mun kuring nyebut kang Uloh mah. 
sabenerna mah panjang harita basa ngobrol jeung kang uloh teh, da nyampak ci kopi bala-bala jeung goreng cau dina meja teh. 
tah singkat carita, ieu we di tulis ku simkuring naon wae intina obrolan teh, mun teu ngarti naon nu obrolkeun tinggal ngacung atawa telp atawa tepungan kang uloh we nya. 

gelas kopi ka hiji :


1. ngahubungi Mr... anu, Mr anu, Mr anu keur nanyakeun kemungkinan dagang...
   pan aya kertas meureun di dinya...
   hihihihihi
2. Ngahubungi uloh keur nanyakeun barang pesenan
3. nabung keur kawin...
4. nga sms pipamajikaneun bisi manehna pohoeun aya anu sono di jepang
naon weh pokonamah tulis ke tapelkeun dina luhureun tempat masak, sisieun tempat sare
kabeh weh...


------------
gelas kopi ka dua:

(moal make nomer nu ieu mah lila teuing ngetikna)

tuliskeun naon anu kudu dipigawe dina bor bodas atawa dina keretas boda
sing gede
cing loba sugan 20 point wae mah
tapelkeun dina panto jadi unggal poe kabaca
eta salah sahiji cara supaya ngondisikeun urang siap
jeung teu poho kana tujuan, sabab biasana anu babari mengkolkeun teh hal anu sabenerna urang teu perlu
conto.... tibatan neangan channel gawe mending maen karinding kusabab diajak babaturan
coba lamun neangan babaturanana anu ngajak neangan channel gawe
meureun sakali indit teh meunang channel bisa dua/tilu
tapi lamun indit karinding ukur bisa meunang seuseurian jeung beak duit jang ongkos
atawa anu nkuduna neangan gawe tapi beak waktu ku chatting jeung sayah
hihihihihihi

tah kitu cenah caritan teh, teuing ngobrolkeun naon da rumasa kuring mah loba pohona, jadi ku kuring ditulis we didieu, keur paparantieun maksudna mah paranti ngingetan bisi keur poho. 

dek nyieun gelas kopi ka tilu kang uloh kaburu ngomong dek nyiar heula beusi keur bahan jieuneun peso. tah bisi hayang apal hasil-hasil jieunan nana sok atuh geura nyimpang ka rorompokna kang uloh di  http://www.pisauku.blogspot.com/
cag ah....

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TABLO

Sempur

Karinding dalam Bahasa Inggris dan Indonesia