Sisindiran sunda





Gunung kelud gunung semeru
hayam jago potong sukuna....
Henteu udud mah henteu seru
cik nyuhunkeun roko eujeung seuneuna.....

Takokak buah cangkudu
dirujak teu puguh rasana....
Nubotak keur nyeri huntu
dijitak meni molotot panon na.......

cunduk waktu ninggang mangsa
niti wanci nu mustari.....
nu nyeri huntu sagala karasa
ngegel kuwaci asa segel lomari.......

piring pisin diragaji
colenak dikalapaan.....
manehna eraeun ku paraji
boga budak euweuh bapaan....

daging entog jeung sangu ketan
rek mindo era ku warga
entong keok ku napsu setan
mun rido jamina surga

kini-kini koang-koang
gulampeuk jeung pependeyan
nini palay tuang
dibekok peupeureudeuyan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TABLO

Sempur

Karinding dalam Bahasa Inggris dan Indonesia